Postingan

Menampilkan postingan dari 2022

Solo Player

Geus lila pisan urang karak curhat deui euy, lain euweuh waktu, ngan asa hoream teu aya picaritaeun nu rame. Beda ayeuna mah teu kos baheula, di sosmed oge jarang posting. Unggal poe di imah wae, nyo'o hp atawa gigitaran, asa butek hirup teh. Sakapeung sok hayang ngabolang kokoloyongan, tapi ayeuna mah mikir dua kali keur meuli bensinna, mahal tuda, jadi nyaah mun dipake kokoloyongan doang, komo mun boga duit tibang pas-pasan. Hampir unggal waktu di imah wae, sora radio butut ngaberekbek siaran Sonora FM, muter lagu-lagu taun 2000an wae jadi asa balik deui ka jaman urang keur ngora. Kopi hideung jeung udud mah sok aya sih, ngan beda ayeuna mah ududna nu murahan siga udud aki-aki, Sampoerna Kretek atawa Gudang Garem Beureum, sakapeung udud Raven nu teu panas teuing kanu letah. Bisa ngasaan udud ngonah teh mun aya nu mere, Sampoena A Mild ti si Jojo atawa Ganu sok mere sabungkus. Mun ngarah meuli sorangan mah asa nyaah euy, mahal pisan. Garapan teh ayeuna mah lain garapan Hp, tapi ng

Nol Besar

Hirup teh meuni asa tereh pisan, ujug-ujug geus kolot kieu, rarasaan mah karak ge kamari abege keneh, jeung ayeuna ge asa abege wae, da teu boga pamajikan, teu boga anak, teu boga harta, teu boga nanaon pisan, nya'an masih NOL BESAR . Mun dibandingkeun jeung batur mah geus katinggaleun, ku barudak satepak oge katinggaleun jauh. Urang mah lain ngarasa sirik ka batur atawa minder ku diri sorangan, tapi emang kos kieu kanyataanna, geus katinggaleun! Rek naon deui? Emang kituna mah bongan sorangan, ti ngongora hirup urang mah santai wae, sok betah di zona nyaman, tara hayang pipilueun kos batur, komo ambisi hayang disebut hebat, kasohor kamana-mana, teu hayang pisan aslina. Jadi inget baheula jaman sok curhat jeung si Jepang, sok ngobrol soal prinsip, da harita mah aranna budak ngora nu masih neangan jati diri, ngadenge kata "Prinsip" teh asa keren, terus weh kapelak di otak urang nyaeta prinsip urang mah "Hidup Apa Adanya",  nyaan eta teh dijalankeun nepi ayeuna u