Explore Jawa Tengah
Saumur-umur kakarak aya kesempatan ngabolang ka Jawa Tengah, mun uwuh nu ngajak mah belum tentu bisa nyaho jalur Pantura jeung Jawa Tengah. Najan loba duit ge belum tentu aya kesempatan. Tanggal 2, 3, 4, 5 Juli 2024 kukurilingan di Jawa Tengah, ti mimiti mapay jalur pantura, berangkat ti Karawang jam 00:00 WIB tanggal 2, terus ka Subang-Indamayu-Cirebon-Brebes-Tegal-Pemalang-Pekalongan-Batang, nepi Pekalongan teh jam 7 isuk, sarapan Sego Megono heula di sisi jalan, sarapan khas Pekalongan, mun di urang mah Huduk mreun. Nyimpang heula di Batang, lemburna Kang Dirga, nganteurkeun motor Scoopy nu dibawa di jero mobil, sakalian ngajak anakna rek dibawa jalan-jalan. Geus kitu langsung cuss ka Wleri, belok kanan ka arah Dieng via kebon teh Tambi. Ti Wleri teh jalanna mapay leuweung, bulak belok asa jauh nepi Temanggung. Tah di Temangung urang teh asa nostalgia jaman baheula ka Jogja jeung barudak SheilaGank Singaperbangsa taun 2011 mun teu salah mah, inget keneh urang di jero Bis ki'ih ...