Postingan

Menampilkan postingan dari April, 2023

Akumulasi Emosi

Bulan puasa taun ieu mah pokona bulan nu gelap keur urang mah, selama bulan puasa meuni teu boga gawe, sapopoe di imah wae bari ngopi, da tara puasa. Nu sedih mah meuni teu ngabuburit pisan jeung si Lingga, gara2 motor rusak, kabel gasna pegat. Beda jeung bulan puasa taun kamari, bari jeung teu boga duit loba ge bisa kahibur jalan2 wae jeung barudak. Nah, pertengahan puasa teh caritana aya garapan hp ganti lcd nu dulurna si ganu, tapi gagal pisan, geus dipasang lcd teh touchscreenna malah jalan2 sorangan, istilahna ghost touch tea, pusing pan urang. Geus diangkat deui, dipasang deui, angger gerak2 sorangan wae. Ngahubungilah urang ka si izho, ceuk si izho eta mah lcd na teu bener, ganti deui weh cnah. Sebagai rasa tanggung jawab urang, unjam injemlah duit ka si Jojo jeung ka si Rena keur meuli lcd anyar deui. Geus meunang duit, urang langsung menta dianteur ka si ahonk, rek ka si izho weh ganti lcd na di konter si izho, supaya aman. Nepi di konter, si izhona can datang, ngan aya si ado