Postingan

Menampilkan postingan dari Juni, 2022

Nol Besar

Hirup teh meuni asa tereh pisan, ujug-ujug geus kolot kieu, rarasaan mah karak ge kamari abege keneh, jeung ayeuna ge asa abege wae, da teu boga pamajikan, teu boga anak, teu boga harta, teu boga nanaon pisan, nya'an masih NOL BESAR . Mun dibandingkeun jeung batur mah geus katinggaleun, ku barudak satepak oge katinggaleun jauh. Urang mah lain ngarasa sirik ka batur atawa minder ku diri sorangan, tapi emang kos kieu kanyataanna, geus katinggaleun! Rek naon deui? Emang kituna mah bongan sorangan, ti ngongora hirup urang mah santai wae, sok betah di zona nyaman, tara hayang pipilueun kos batur, komo ambisi hayang disebut hebat, kasohor kamana-mana, teu hayang pisan aslina. Jadi inget baheula jaman sok curhat jeung si Jepang, sok ngobrol soal prinsip, da harita mah aranna budak ngora nu masih neangan jati diri, ngadenge kata "Prinsip" teh asa keren, terus weh kapelak di otak urang nyaeta prinsip urang mah "Hidup Apa Adanya",  nyaan eta teh dijalankeun nepi ayeuna u