Nol Besar

Hirup teh meuni asa tereh pisan, ujug-ujug geus kolot kieu, rarasaan mah karak ge kamari abege keneh, jeung ayeuna ge asa abege wae, da teu boga pamajikan, teu boga anak, teu boga harta, teu boga nanaon pisan, nya'an masih NOL BESAR. Mun dibandingkeun jeung batur mah geus katinggaleun, ku barudak satepak oge katinggaleun jauh.
Urang mah lain ngarasa sirik ka batur atawa minder ku diri sorangan, tapi emang kos kieu kanyataanna, geus katinggaleun! Rek naon deui?
Emang kituna mah bongan sorangan, ti ngongora hirup urang mah santai wae, sok betah di zona nyaman, tara hayang pipilueun kos batur, komo ambisi hayang disebut hebat, kasohor kamana-mana, teu hayang pisan aslina.
Jadi inget baheula jaman sok curhat jeung si Jepang, sok ngobrol soal prinsip, da harita mah aranna budak ngora nu masih neangan jati diri, ngadenge kata "Prinsip" teh asa keren, terus weh kapelak di otak urang nyaeta prinsip urang mah "Hidup Apa Adanya", nyaan eta teh dijalankeun nepi ayeuna urang mah. Teu hayang loba gaya, teu hayang loba uget, da ngukur kaayaan diri jeung keluarga, lain anak jelema beunghar. Tapi bari jeung kitu, urang mah loba karesep, kanu musik, kanu fofotoan, travelling, kemping, naek gunung, kos nu heu'euh weh, padahal mah ngan saukur resep bari jeung diajakan batur alias nebeng, da teu kapikiran kudu jadi profesional nu boga alat lengkap jeung marahal, duit ti mana keur meulina?

Balik deui nyaritakeun hirup susah yeuh, jadi karasana hirup beuki beurat teh ti saprak Bapa urang maot, terus gawe di konter ge eureun taun 2020 gara-gara Covid-19, hirup teh asa terdegradasi, terjun bebas nyungseb kanu koco. Nu tadina ngabolang wae, ayeuna mah ngan bisa ngahephep di imah. Nu tadina udud Clas Mild wae, ayeuna mah Sampoerna Kretek ge geus mewah. Hayang ngoloyong ka ditu teu boga bekel, hayang milu jeung batur teu boga pakean, ngerakeun ih!
Malahan, si Ahonk nu biasana jadi partner ngabolang, ayeuna mah ngaleungit, ngajauhan, siga nu teu hayang wawuh. Ku kituna mah maklum, rek naon deui sih jeung urang ge ayeuna mah geus teu bisa hepi hepi.
Ka babaturan nu darekeut keneh ge asa minder urang ayeuna mah, teu sanggup ngimbanganna. Bosen ditraktir wae, bosen ditulungan wae, rek iraha mulangkeunna? Aslina era. Hutang weh numpuk kaditu kadieu, baringung.
Sakapeung mah hayang pindah, jauh kamana weh, nu hese diamprokan. Mending hirup sorangan keur susah kieu mah, supaya teu nyusahkeun sarerea.

Hampura pisan ka babaturan, Insya Alloh urang mah moal poho kanu hutang jasa, komo hutang duit atawa materi, iraha-iraha mugia sing kabayar, sing aya jalanna. Aamiin Yaa Alloh.

Komentar