Postingan

Menampilkan postingan dari April, 2017

Carita ti Sisi Kota

Sakapeung hirup teh hayang cicing di leuweung, jauh ti kota, jauh jeung teknologi. Sigana adem ayem mun hirup bareng jeung alam, pepelakan palawija, ngingu hayam jeung mbe. Bakalan awet ngora, moal loba huis. Katingalina karunya pisan jelema nu hirup di kota, sapopoe dipencet ku gaya hirup, ngudag-ngudag dunya keur neangan isi peujit, komo nu ngudag-ngudag kamewahan mah, meuni ngahalalkeun sagala cara keur neangan harta. Jelema nu gawe di pabrik, meuni kos robot digawena. Balik gawe cape, langsung sare, hudang sare buru-buru mangkat gawe, da bisi telat. Geus poho weh ka kaluargana. Nu digawe di pasar meuni ciweuh nyiapkeun daganganna, sakapeung pura-pura someah ka pelanggan da ameh laku daganganna, padahal hatena mah kesel da nu rek meuli teh rarujit tuwar-tawarna. Nu jadi supir angkot ge sarua ripuh, ti subuh nepi ka peuting bulak balik mawa angkot neangan penumpang, pegel suku pegel bujur neangan receh keur ngudag setoran kanu boga angkot. Komo leuwih watir mun kena rajia ku pulisi a

Jadwal Aktipitas Sapopoe

04:30 - Solat Subuh 05:00 - Ngawirid 05:30 - Ngahuduk Bi Nyai 06:00 - Maraban jeung Ngencarkeun Hayam 06:30 - Naheur Cai dinu Hawu 07:00 - Ngopi Hideung 07:30 - Nyeuseuh Pakean di Walungan 09:00 - Kuli Macul atawa Tandur di Sawah Batur 12:00 - Solat Lohor 12:30 - Ngopi Hideung jeung Kulub Sampeu 13:00 - Ngangon Mbe 15:30 - Solat Asar 15:50 - Ngawadang 16:15 - Ngarit Jukut 17:30 - Ngampihkeun Mbe jeung Hayam 18:00 - Solat Magrib 18:30 - Ngaji 19:00 - Solat Isa 19:30 - Ngawirid 19:50 - Dahar 20:00 - Ngopi Hideung bari ngadengekeun Radio Butut 21:30 - Sare 02:00 - Solat Tahajud 02:30 - Sare Deui

Sabenerna Mah

Sabenerna mah urang teh geus hoream tulas tulis di blog, horem pustang posting di media sosial, tara aya nu merhatikeun. Sabenerna mah urang teh teu bisa nanaon, ngan bisa gogoleran bari ngopi jeung udud. Sabenerna mah urang teh hayang boga pamajikan, tapi hoream bobogohan, teu boga duit, teu boga kawani. Sabenerna mah urang teh hayang jadi petani, tapi hoream bebelokan di sawah jeung sieun oray kadut. Sabenerna mah urang teh hayang pisan jadi jelema soleh, getol solat, getol ngaji. Tapi hoream ka cai na. Sabenerna mah urang teh hayang ngarantau jauh ka luar negri, tapi hayang jeung abah jeung si lingga, si tio ge ajakan. Sabenerna mah urang teh ngora keneh, tapi geus loba huis jeung tara mandi, jadi kokoloteun. Sabenerna mah urang teh kasep, tapi euweuh nu bogoheun, jadi goreng. Sabenerna mah urang teh hayang hirup ti beurang, tapi sok hese sare ti peuting. Sabenerna mah urang teh parusing, tapi mbung mabok, sieun utah. Sabenerna mah urang teh jenuh, tapi teu bisa represing ka gunung