David Beckham


David Robert Joseph Beckham, eta aran panjangna. Biasa ku babaturanna dipanggil Becks. Lahirna beda 8 taun jeung uing, nyaeta tanggal 2 Mei 1975 di Leytonstone, London, Inggris. Ayeuna si Becks geus pengsiun maen bola, terakhir maen teh di PSG. Ngadenge mah ayeuna teh boga klub bola di Amrik, mun teu salah mah aran klubna Miami Beckham United.

Beckham mimiti tenar di Manchester United, klub Inggris. Harita keur diasuh keneh ku Sir Alex Ferguson. Basa Man Utd ngalawan Birmingham, Beckham ngasupkeun jarak jauh, make tendangan pelentung. Tah ti semet eta manehna mulai terkenal, nepikeun dibere julukan "The Golden Boy". Sering pisan ngasupkeun mun tendangan bebas teh, bolana melengkung ka arah gawang jadi teu bisa ditebak jeung ditewak ku kiper. Umpan-umpan crossingna ge pelem pisan keur striker-striker Man Utd harita, umpan crossing Beckham mah tinggal nyocol ge jadi gol. Ciri khas manehna mun nendang bola teh awakna bari melenoy jeung leungeun nu pakeupis. Gaya nendang kos kitu baheula sok diturutan ku uing mun maen bola, emang bener bola teh jadi melengkung asup ka gawang meuni wa'as katingalina, komo mun kiperna molohok wae mah.

Salila di Man Utd nu ku uing inget Beckham pernah make nomer 6, 24, 10, jeung 7. Tapi nu ikonik pisan mah nomer 7, harita teh make nomer 7 warisan Eric Cantona. Jadi ngetren eta angka 7, mun uing nempo kaos bola nomer 7 pasti inget ka Beckham. Nepikeun uing meuli babara siki kaos bola nomer 7, pastina kaos Man Utd jeung kaos Inggris nu aya aranan Beckham. 😁

Taun 1999 saenggeus Man Utd meunang Treble Winner nu dramatis tea, Beckham terus kawin jeung Victoria Adams vocalis Spice Girls, mun teu poho mah kawinna teh bulan Juli, tanggalna mah poho. Beuki terkenal wae manehna, jadi kos selebritis, kahirupanna glamor. Aya nu ngomong Beckham mah Selebritis Lapangan Hijau, saking ku tenar jeung glamorna. Nu tungtungna mah jadi boomerang keur manehna, nepikeun pasea jeung Sir Alex kasus sapatu ngalayang kanu tarang. 


Taun 2003, Beckham pindah ka Real Madrid klub Spanyol, mimitina mah uing kurang panuju, da bisi manehna eleh saingan di Madrid, apal harita di Madrid loba bintang. Tapi buktina mah Beckham di Madrid terus bersinar, malahan tendangan bebas jeung penjuru oge dipercayakeun ka manehna, sakapeung sok gantian jeung Roberto Carlos. Manehna teu make nomer 7 deui, ganti make nomer 23, da nomer 7na dipake ku si Raul. Jeung ceunah mah kusabab manehna ngefans ka Michael Jordan pemaen Basket NBA tea.
Di Madrid manehna jarang dipaenkeun di sayap kanan, posisina digeser jadi gelandang tengah. Tapi efektif oge sih, umpan-umpan terobosan atawa umpan lambungna sering jadi gol ku striker. Nepikeun di timnas Inggris ge manehna pernah usul hayang maen di tengah, jadi pengatur serangan, kos Playmaker kitu lah.

Sanggeus ti Madrid, terus Beckham pindah ka klub liga Amerika, nyaeta LA Galaxy. Lila oge manehna di dinya, jadi kapten deuih. Make nomer 23 keneh. Uing sempet leungiteun ka manehna, da liga Amerika mah euweuh nu nayangkeun di Tv, paling ge sok nempo beritana doang. Pernah diinjeumkeun ka AC Milan mun liga amerika keur pere, di Milan manehna make nomer 32, da nomer 23 na dipake ku Ambrosini. Asa cocok pisan Beckham maen di Milan, keur mah uing ge resep ka Milan. Uing jadi sok lalajo Beckham deui mun Milan maen teh, da liga Italy mah ditayangkeun wae di Tv lokal.



Uing ngarep-ngarep Beckham dibeuli ku AC Milan, kahayang mah nepi pensiun di Milan. Tapi Beckham malah pindah ka PSG, klub Prancis. Uing jadi tara nempo manehna deui. Samusim Beckham di PSG, terus manehna pensiun.

Hiji wanci LA Galaxy pernah maen ngalawan timnas Indonesia, di Jakarta, di stadion GBK. Uing sabenerna mah hayang pisan lalajo di stadion GBK, ngarep-ngarep bisa paamprok jonghok jeung Beckham, tapi da uing mah teu boga duit, harita keur nganggur wae. Uing ngan bisa lalajo di Tv basa LA Galaxy maen jeung Timnas teh, Beckham maenna ge kurang alus, malah ngalanggar si Andik jadi dibere kartu kuning. Nu untung pisan mah si Andik, saeunggeus pertandingan teh Beckham nyampeurkeun menta maaf, jeung kaosna diberekeun ka manehna.

Keur uing mah David Beckham teh bener-bener idola, sagalana ku uing sok diturutan, tinu gaya maen bola jeung gaya bu'ukna nu sok gunta-ganti jadi trend setter dunia. Ti gaya bu'uk Mohack, plontos (skinhead), jeung bu'uk panjang ditalian ku karet, rek kumaha wae ge si eta mah keren wae, ku uing diturutan najan uing mah teu pantes ge. 
Baheula basa uing sok maen bola keneh, hayang bisa gaya nendang kos Beckham meuni diulik. Kabayang, kapikiran wae, teu bisa sare, unggal poe hayang nendang bola kos Beckham.

Uing pernah nyieun kliping gambar-gambar Beckham nepikeun 2 buku, da baheula mah can aya internet jeung hape, jadi ngumpulkeun gambar ti koran, diguntingan terus ditempel-tempelkeun kanu buku. Nepi ayeuna bukuna oge aya keneh.

Tah kitu, carita uing tentang David Beckham, ngidolakeun pisan nepi poho neangan kabogoh. Ayeuna mah Beckham ge geus kolot, geus boga anak 4, nyaeta si Brooklyn, Romeo, Cruz, jeung nu awewe si Harper Seven Beckham. Uing sok nempoan wae Beckham di Instagram, foto aktivitas sapopoena sok diposting. Manehna sok ngabolang ka leuweung, sok ngumpul jeung baturanna, sok ngunjungi ka tiap negara, sigana masih aktif di Unicef. Jeung Adidas ge masih keneh kerja sama, sok aya di iklan Adidas. Malah sempet produksi/jual deui sepatu Adidas Predator khas Beckham.

Geus sakitu weh ah, uing mah sok parusing ari nginget-nginget Beckham teh, jadi hayang nendang bola deui, hayang ngora deui. 😁
Wassalam.

Komentar