Explore Jawa Tengah
Saumur-umur kakarak aya kesempatan ngabolang ka Jawa Tengah, mun uwuh nu ngajak mah belum tentu bisa nyaho jalur Pantura jeung Jawa Tengah. Najan loba duit ge belum tentu aya kesempatan.
Tanggal 2, 3, 4, 5 Juli 2024 kukurilingan di Jawa Tengah, ti mimiti mapay jalur pantura, berangkat ti Karawang jam 00:00 WIB tanggal 2, terus ka Subang-Indamayu-Cirebon-Brebes-Tegal-Pemalang-Pekalongan-Batang, nepi Pekalongan teh jam 7 isuk, sarapan Sego Megono heula di sisi jalan, sarapan khas Pekalongan, mun di urang mah Huduk mreun.
Nyimpang heula di Batang, lemburna Kang Dirga, nganteurkeun motor Scoopy nu dibawa di jero mobil, sakalian ngajak anakna rek dibawa jalan-jalan. Geus kitu langsung cuss ka Wleri, belok kanan ka arah Dieng via kebon teh Tambi. Ti Wleri teh jalanna mapay leuweung, bulak belok asa jauh nepi Temanggung. Tah di Temangung urang teh asa nostalgia jaman baheula ka Jogja jeung barudak SheilaGank Singaperbangsa taun 2011 mun teu salah mah, inget keneh urang di jero Bis ki'ih di botol aqua, gantian jeung si Gobed, hahaa.
Jalan perkebunan teh Tambi aslina keren, jalanna mah leutik tapi resik, di sisi jalan loba kembang warna koneng ngagarantung, cnah mah eta teh kembang semar. Loba kafe kafe di sisi jalan, cocok pisan ngopi bari menikmati suasana kebon Teh. Kaluar ti Tambi terus belok kanan ka arah Dieng.
Nepi Dieng cuacana panas, teu siga postingan di Instagram batur, cnah dadaunan ge meuni beku, aslina teu tiris teuing, tapi emang sejuk hawana mah, wajar atuh dataran tinggi. Terus urang hayang nyaho Kawah Sikidang di Dieng, nepi parkiran dahar heula weh, terus urang meuli tiket 2, da nu asup nempo kawah mah ngan urang jeung anakna Dirga.
Eta di kawah meuni rame loba jelema, ti budak leutik nepi nini-nini foto2 selfie di deukeut haseup belerang Kawah Sikidang, uing mah ngan midiokeun sakeudeung, da asa teu paruguh foto2 loba jelema kitu.
Ti Dieng teh berangkat deui menuju Magelang, lumayan jauh. Ba'da magrib nepi kota Magelang, suasana kota nu rame ku kendaraan tapi lancar, jalan ge mulus aspal hotmix, eleh weh jalan di Karawang mah, nyaan mulus jalan di kota Magelang mah.
Di Magelang, urang naek heula ka Gunung Tidar, naek gunung mapay 400 tangga, di luhur loba maqom-maqom, tempat ziarah, malahan aya maqomna Kiyai Ismaya alias Semar tokoh pawayangan, tah urang ziarah heula di maqom eta, neangan maqom si Cepot Astrajingga mah uwuh, hahaa. Cnah Kang Dirga mah ti ngongora geus biasa ziarah kadinya, teu nyangka euy. Gunung Tidar mah deukeut kota, asupna ge lewat gang komplek imah masyarakat, meuni sempit. Di puncakna katempo lampu2 kota meuni wa'as. Tidar teh area militer, tempat tentara latihan jeung upacara, aya tihang bendera meuni gede, jeung papan reklame semboyan2 militer. Loba caritana Gunung Tidar mah, bisa dibaca di Wikipedia.
Tos beres ti Gunung Tidar, lanjut kalayang koloyong di Magelang, sempet nongkrong heula di gerbang Borobudur, tapi teu asup da tutup ari peuting mah. Loba warung kuliner jeung cafe, barudak ngora ge loba nu nongkrong berpasangan, bari foto2 di tulisan Borobudur. Cabut ti Borobudur terus neangan SPBU, istirahat heula ngadon sare nepi isuk.
Isukna cuaca girimis di Magelang, sarapan heula soto ayam di sisi jalan bari ngarencanakeun tujuan rek ngabolang kamana deui. Beres sarapan tadina mah rek ka Malioboro tapi teu jadi, malah puter balik menuju Puncak Telomoyo, mapay jalan palemburan loba tangkal awi, jalan leutik bulak belok dibarengan ku kabut meuni kandel, wara'as lah pokona mah. Nepi parkiran Telomoyo, terus nyewa motor keur naek ka puncakna, sapanjang jalan uing midiokeun bari mawa motor, kabutna beuki kandel wae. Di luhur ge geus loba muda mudi berpasangan bari foto2 pamandangan kabut, nyaan eta mah siga negri diatas awan. Kuduna mah di Puncak Telomoyo teh katingali gunung2 nu sejen, Sumbing Merbabu jeung nu sejenna, tapi harita mah cuaca teu mendukung, kabutna kandel pisan. Turun ti puncak teh ngopi weh heula di warung sisi jalan, bari ngalamun ningali kabut naek turun diantara tatangkalan.
Balik ti Telomoyo terus ka Salatiga, terus ka Semarang menuju Lawang Sewu, nongkrong heula di sisi lampu merah jalan di Semarang, rame atuh da Ibu Kota Provinsi. Tuluy uing meuli tiket asup ka Lawang Sewu, ngadon nempoan museum Kareta Api jaman baheula. Bangunan jaman Walanda, siga nu angker suasanana ge, tapi da rame loba pengunjung. Tiketna 30rb perorang dewasa.
Ti Semarang terus balik ka Batang, nganteurkeun anakna Kang Dirga heula. Peutingna terus ka Pemalang, neangan pantai keur istirahat, kabeneran aya tempat ziarah di sisi pantai, makam Syech Maulana Syamsuddin. Ngadon ngopi di warung terus sare di mobil.
Isukna berangkat deui menuju Pemandian Air Panas Guci, sarapan heula bubur ayam di pasar Paduraksa, terus cus deui mapay jalan menuju Guci, sapanjang jalan teh pamandangan Gunung Slamet meuni wa'as, puncakna dikuribeng kabut. Gede pisan geuning Gunung Slamet teh euy.
Nepi di Guci ngadon ngopi deui di parkiran, hoream asup ka Pemandian Air Panas mah, mahal tiketna ge. Mending ngopi jeung Gethuk Goreng, mantap jiwa mempesona! Pemandangan lembah Gunung Slamet wa'as pisan, hiliwir angin lembah karasa nyecep kanu irung.
Geus wareg nongkrong di Guci terus jalan deui menuju Tegal, nuturkeun navigasi Google Maps dibawa mapay jalan palemburan, jol di jalan raya daerah Slawi, nyimpang heula di SPBU, niatna rek ka toilet tapi teu jadi, ngadon ngobrol di mobil bari istirahat. Geus kitu terus maju deui ka Tegal, neangan pantai keur ngopi deui bari nyantai.
Nepi Pantai Alam Indah di Tegal, pas rek turun ti mobil sendal uing euweuh sabeulah, katinggaleun di SPBU sigana, da tadi geus nurunkeun suku niat rek ka toilet tapi teu jadi pan, anjir pohoooo. Untung pamajikan Kang Dirga mawa sendal jepit, wayahna make sendal jepit ulin di pantai bari hate rada bete teu pede pisan. Ngopi deui nungguan nu sare, uing hayang buru2 balik, atawa meuli sendal heula di pasar.
Sorena karak meluncur deui di jalan Pantura, di Kota Cirebon nyimpang heula meuli sendal karet di sisi jalan, lumayanlah teu ngeraekun teuing. Terus ka Kasepuhan Cirebon, jalan2 di alun-alun Kasepuhan, nongkrong heula bari ngopi. Rame siga di Karangpawitan Karawang weh, loba tukang batagor jeung cilok.
Geus ti dinya terus ngoloyong deui di Kota Cirebon, tadina hayang mampir di Makam Sunan Gunung Jati, tapi teu jadi, tiketna mahal cnah, jeung asupna ge jalan sempit di tengah kota. Bral weh balik mapay jalan deui, sempet dahar Pecel Ayam heula di daerah Indramayu jalan lama. Cuaca siga nu rek hujan, tuluy berangkat deui mapay jalan Pantura, sempet eureun di SPBU di daerah Patrol, rada lila da nungguan supir sare deui, uing mah ngopi weh di warung SPBU.
Lewat tengah peuting tuluy jalan deui, hujan gede pisan, banjir dimana-mana. Di jalan pantura mah loba mobil gede, kontener, gandengan, rame tapi lancar. Nepi di Karawang sekitar jam 2 isuk, uing langsung ka konter di Kaliwedi, da tadi di Tamelang nyokot konci doang diselapkeun di papalang.
Kitu pangalaman uing ngabolang di Jawa Tengah, milu mudik jeung Kang Dirga. Meuni babara poe, aslina teu nyangka rek diajak kokoloyongan sakitu lilana. Tapi da puas atuh, iraha deui aya kesempatan ngabolang di Jawa Tengah, najan boga duit ge belum tentu bisa kaditu, jeung pasti teu mahi duit saeutik. Istuning uing mah ngadon diuk di mobil bari ngapalkeun jalan jeung menikmati pemandangan alam.
Hatur nuhun Kang Dirga jeung pamajikanna, iraha-iraha mah urang jadikeun ngabolang ka Jawa Timur, cnah hayang ka Bromo, hahaa.
Nuhun oge kanu tos daek ngabaca ieu catetan. Tungitung keur ngingetan uing weh, bisi poho ngke geus kolot mah.
Wassalam..
Vidiona aya di Instagram: https://www.instagram.com/reel/C9GWQHKyGWp/?igsh=NTc4MTIwNjQ2YQ==
Komentar
Posting Komentar