Akumulasi Emosi

Bulan puasa taun ieu mah pokona bulan nu gelap keur urang mah, selama bulan puasa meuni teu boga gawe, sapopoe di imah wae bari ngopi, da tara puasa.
Nu sedih mah meuni teu ngabuburit pisan jeung si Lingga, gara2 motor rusak, kabel gasna pegat. Beda jeung bulan puasa taun kamari, bari jeung teu boga duit loba ge bisa kahibur jalan2 wae jeung barudak.

Nah, pertengahan puasa teh caritana aya garapan hp ganti lcd nu dulurna si ganu, tapi gagal pisan, geus dipasang lcd teh touchscreenna malah jalan2 sorangan, istilahna ghost touch tea, pusing pan urang. Geus diangkat deui, dipasang deui, angger gerak2 sorangan wae. Ngahubungilah urang ka si izho, ceuk si izho eta mah lcd na teu bener, ganti deui weh cnah.
Sebagai rasa tanggung jawab urang, unjam injemlah duit ka si Jojo jeung ka si Rena keur meuli lcd anyar deui. Geus meunang duit, urang langsung menta dianteur ka si ahonk, rek ka si izho weh ganti lcd na di konter si izho, supaya aman.

Nepi di konter, si izhona can datang, ngan aya si ado, urang dititah asup ka jero konter ku si ado teh, caritakeun kasusna ka si ado, jeung menta digantikeun sakalian lah do, urang trauma euy. Si ahong di luar wae, ku urang titah asup weh, "Dieu hong, ka jero." soalna pasti lila ieu da rek ganti lcd. Tuluy si ahong ka jero, langsung ka hareup milihan TG (tempered glass) di deukeut etalase, milihan TG diturun2kn ka etalase, sementara urang di jero keur ngobrol jeung si ado. Teu lila datang si izho, terus nanya ka si ahong, heureuy lah biasa. Urang ngarasa teu enakeun ka si izho, eta si ahong geus aya di hareup keur milihan TG, padahal urang ge nu biasa ka konter teu wani di hareup deukeut etalase, da nyaho eta teh tempat nyimpen duit, bisi aya kaleungitan.
Urang mah sok diuk weh di jero mun euweuh garapan oge, kecuali mun butuh sesuatu urang mah sok ngomong heula ka si izho atawa ka si ado.
Eta oge urang langsung ngomong ka si ado, "Do, aya TG Redmi Note 8 teu? coba pangmasangkeun keur hp si ahong, ke urang nu mayarna." Terus tah si ado neangan ka hareup, aya nu alus mah nu ieu cnah, terus dipasangkeun ka hp si ahong.

Ti dinya ge urang geus kesel ka si ahong, keur mah solonong boy wae, jeung meuni mangpang mungpung hayang ganti TG, padahal nyaho urang teh keur kena musibah, gagal ganti lcd, duitna ge meunang unjam injeum pan.
Geus beres ganti lcd teh urang langsung weh ngajak balik, "Hayu hong balik!" Selama di jalan ge urang ngomong saperluna, jengkel tuda. Nepi imah, si ahong langsung mangkat deui, ngomongna rek nganteur budak dicukur.
Aslina mun motor urang bener mah moal menta dianteur ka si ahong, biasana ge ka konter si izho sok sorangan wae.

Isukan beurangna, urang keur ngopi bari ngobrol jeung si adew di gigir imah. Kurunyung datang si ahong terus ditanya ku si adew "kamana wae hong, cnah rek kawin", si ahong: "ceuk saha?", "ceuk a atu" jawab adew, nya urang mah cicing weh, da emang si ahong ka si ganu ge curhatna rek kawin moal lila ge pan.
Terus si ahong diuk gigireun urang, nanya ka urang "kumaha hp teh?", ceuk urang "aman hong", trus ku urang dicokot hp na teh "tah, jajal deui weh, aman da". Ceuk si ahong, "geura bejaan atuh si ganu na", ceuk urang "geus di WA, ngke kadieu cnah". Terus urang lanjut deui ngobrol jeung si adew. Si ahong cicing wae bari nyonyo'o hp rada lila, terus ngomong peurih beuteung rek balik heula, ceuk urang teh "nya dahar heula atuh hong".
Geus tah, ti dinya ge si ahong geus tara aya ka imah, euweuh ngawasap deuih. Urang mah biasa weh, da si eta mah ti baheula ge kos kitu, datang dan pergi sesukanya.

Nepi beres urusan hp jeung si ganu, geus dicokot hp na bari dibayar deui ku si ganu, terus urang langsung mayaran hutang, si ahong mah euweuh ka datang2, euweuh kabar weh. Urang mah teu mikiran si ahong, sapopoe ngagarap faucet weh di imah wae, da masalah geus beres ieuh.

Nah, kamari2 si ganu aya ka imah, biasa ngopi, nyaritakeun soal si ahong pernah ngawasap soal hp tea, kieu ngawasapna cnah, "mang (ganu), hp geura cokot, jelemana gegerendeng wae", halah gegerendeng naon, urang jeung si ganu pan geus wasapan, biasa wae, teu ngabuburu. Harita urang mah cuma gegerendeng biasa, "aya2 wae ah, keur teu baroga duit teh sagala gagal ganti lcd, urang  kakarak ganti lcd merk LF gagal da, sue pisan".
Pan si ganu ge geus ngawasap ka urang, "mang santai weh hp mah, mun kudu diganti ku nt beulikeun deui weh lcd na, ngke ku urang digantian, tapi moal ayeuna2. Mun euweuh duit, simpen weh heula hp na", kitulah kira2na si ganu ngawasap teh. Tapi kan urg mah hayang buru2 beres, katambah urg trauma gagal meuli lcd, makana urang langsung unjam injeum duit keur ngaganti lcd. 
Nu jadi pertanyaan urang, naon maksudna si ahong ngawasap ka si ganu nitah buru2 nyokot hp? Naon urusanna? Sementara urang jeung si ganu biasa2 wae. Urang nyaho si eta mah cuma ngamanfaatkeun situasi, si ahong mah hayang ngadeukeutan si ganu, padah bageur sok mere duit (dana).

Geus babara poe, urang iseng nempoan chat wasap, nempo kontak si ahong euweuh fotoan, curiga urang diblokir. Nanya lah urang ka si ganu, "mang, kontak si ahong aya fotoan teu di nt?", "Aya fotoan keneh di urg mah mang", ceuk si ganu. Berarti bener, urang geus diblokir ku si ahong. Jadi kesel pan urang, budak teh ujug2 ngablokir wasap kunaon cnah, diblokir balik ku urang, sakalian pesbuk jeung instagramna ge diblokir, da si ahong nu ngamimitian ngablokir wasap urang berarti geus teu ngahargaan ka urang, keur naon berteman di sosmed ge. Blokir kabeh lah sakalian! 
Geus kitu tiba2 aya notif email, isina email si ahong geus teu terhubung jeung email urang sebagai email recoveryna, ngahaja ku manehna dihapus. Padahal urang mah teu ngoprek2 soal email, keur naon sih? Jor weh emailna mah, urus ku sorangan, urang ge boga loba email. Urg mah tara nyoba2 ngabobol email batur, buang2 waktu.
Urang mah cuma ngablokir sosmed, soalna ragab nempo status maneh na mun aya diberanda urang.

Kesel urang, emosi jadina. Mutuskeun email berarti manehna geus teu percaya jeung geus teu butuh urang. Terus urang ngawasap ka si gobed, si gobed ngirimkn screenshot status pesbukna si ahong, isina "Karak nyaho kos kitu jelema teh, urang ujug2 dicuekeun." Berarti jelas, manehna ngambek teh pundung gara2 NGARASA DICUEKEUN, padahal eta mah perasaan manehna doang nu sensi, nepi ngablokir wasap urang sagala.
Geus kitu, langsung weh ku urang dikirim email isina kata2 kasar, dijeblagkeun kabeh kagorenganna, tuman budak teh kos kitu wae ti baheula tuda.

Akumulasi emosi urang ti baheula sok dipermainkeun ku si ahong, si eta mah sok ujug2 ngaleungit, mun butuh karak datang deui, ngamanfaatkeun doang ka urang teh. 
Kamari2 sok ka dieu wae ge padah weh aya wifi gratisan.
Urang kurang kumaha sih ka manehna, mun hp na bermasalah atawa menta di custom rom, ku urang mah digawean nepi ngeunaheun deui hp na. Mun manehna nanya2 ku urg mah sok dibejaan wae. Ti baheula ge sok diajak ngabolang mun urang boga duit mah. Mun manehna curhat soal awewe, ku urang mah didengekeun, mun urg boga solusi sok dibejaan, eta ge mun ku manehna katarima, padahal urang teu setuju manehna bobogohan jeung awewe eta, bahaya pisan.
Urang mah teu itungan soal materi, waktu, jeung pangarti mah, bebas jeung urang mah asal tong pundungan. Da sama2 keur nganggur kieu mah saling ngartikeun saling bantu lah, nyaho pan hayang ngaroko ge hese.

Kitulah masalah teh di bulan puasa teh, batur mah fokus ibadah, urang mah malah pasea. Ngerakeun sabenerna mah geus kolot. Urang mah hayang terbuka jeung sasaha ge, embung jadi jelema pundungan, geus teu hayang sensi-sensian lah. Hirup keur susah kieu mah kumaha weh neangan rejeki.

Sakitu heula curhatan urang, tulisan ieu berdasarkan asumsi urang ka si ahong, mungkin asumsi batur beda2. Sapangalaman urang selama deukeut jeung si ahong, kos kitu kesimpulanna.
Ayeuna mah urang geus teu hayang boga konflik jeung batur, hayang damai tentrem hate. Geus moal mikiran nu teu perlu, sabodo teuing lah.