Hobi



Hobi atawa karesep uing ti jaman old nepi jaman now aya babaraha siki, nyaeta:


1. Maen Bola

Uing resep maen bola ti jaman Liga Italia nguasai Tv Indonesia, ti mimiti Roberto Baggio terus ka David Beckham di Liga Inggris, nepikeun ayeuna Leonel Messi di Liga Spanyol. Unggal waktu nu dipikiran teh teu aya deui iwal bola, ngulik tendangan bebas kuat melengkung saawak-awak. Tapi sedih mun ayeuna hayang maen bola, teu boga sapatu jeung euweuh nu ngajak ulin ka lapang bola, jadi arateul suku ari kitu teh, sok hayang najongan kaleng.


2. Fotografi

Ti saprak aya hape Android nu kamerana aralus, uing jadi resep fofotoan make hape. Mimiti boga hape Android teh pan Galaxy Wonder nu kamerana 5 mega pixel, lumayan keur moto pamandangan atawa foto makro make lensa makro tea. Nepikeun ka ayeuna uing  make Xiaomi Mi 4i kamerana 13 mega pixel, fofotoan angger jadi karesep dimana wae, iraha wae, pasti jepret, tuluy diposting ka Sosmed. Komo mun geus papanggih jeung kamera DSLR mah, asa pangjepretna pisan, tik eutik jepret, aya ucing keur sare oge dijepret wae, pokona mah asa profesional welah.


3. Ngoprek Hp

Tah ieu nu jadi panyakit tapi jadi duit oge. Uing resep ngoprek hp ti jaman hp Java, Symbian, nepi ayeuna Android. Unggal peuting nepi isuk pagawean teh molototan hp, ngoprek jeroan system nepi butlup hp na. Bulak balik ka TWRP, bongkar aplikasi, ngedit skrip geus jadi pangabeuki nu can aya ubarna. Tapi lumayan jadi duit, da uing nongkrong wae di konter, sok dititah ngoprek hp batur nu dibawa ka konter.


4. Musik

Nu ieu mah tong ditanya, da uing ti leuleutik oge tara jauh ti radio butut nu nini uing. Jadi nepi ayeuna karesep teh ngadengekeun lagu-lagu Coldplay, Avril Lavigne, atawa Sheila On 7. Mun dimana wae ngadenge hiliwir lagu 90an atawa 2000an oge uing mah sok asa wawuh kanu  nadana, tapi sakapeung sok poho judul jeung nu nyanyina.


5. Ngabolang/Blusukan/Travelling

Mun keur boga duit teh sok hayang wae kokoloyongan make motor, bulusukan ka lembur batur nempoan awewe geulis atawa nini-nini make kutang di sisi jalan, saukur keur ngubaran rasa jenuh jeung bahan observasi sosial weh. Uing mah mun ngabolang tara aya tujuan, da tujuanna nu sabenerna mah mangkat ti imah, balik deuina mah kumaha ngke weh mun bujur geus karasa pegel.


6. Maca Berita/Artikel

Kusabab uing mah ti leuleutik resep maca, mun aya plang di sisi jalan ge pasti dibaca, atawa aran toko-toko di sisi jalan ge teu bosen dibaca wae, koran bungkus bala-bala ge sok dibaca kabeh nepi kanu soekna. Keur jaman sakola mah uing sok meuli koran, majalah, atawa novel. Tapi ayeuna mah sagalana geus aya di hp, asal boga kuota internet ge bisa asup ka detik.com, national geographic, kaskus, wikipedia, jeung babaturanna nu aya di internet. Unggal peuting nungguan isuk teh kitu weh pagawean uing mah, maca-maca artikel nepi huduk bi nyai asak.


7. Nguseup

Ari ieu mah hobi kakapeungan, sabuat keur hayang ni'is bari ngararasakeun nyurunudna lauk lundu. Uing mah mun nguseup di ragasi atawa di muara. Can pernah niat dinu hate hayang serius nguseup di empang batur, haroream kudu mayar, jeung asa ngabobodo diri sorangan, da geus dumuk empang mah laukna oge dipelakan.


Sakitu asaan mah hobi uing teh, boga karesep sakitu oge asa hese nyumponanna euy, pabeulit ku duit jeung waktuna. Kunaon uing sagala ditulis di blog tibang hobi kos kitu patut? Pan uing mah nulis di blog teh keur ngingetan diri sorangan, bisi iraha-iraha kapopohokeun hobi atawa pangaresep teh, mending weh ari ditulis mah bisa dibaca deui, sugan weh dibaca ku anak incu uing ngke mun boga, tapi ku anak incu batur oge kajeun lah. Sakitu, hatur nuhun.


Komentar