Seven Reason

Kunaon uing Jomblo wae sapopoe?

Kahiji, sigana padah uing mah hirup teh tipeuting wae, jadi euweuh waktu keur manggihan jodo. Sok weh pikir, kumaha rek manggih jodo mun unggal beurang sare, hudangna sore, mun peuting digawe atawa di imah wae nepi ka isuk molototan hape. Coba mun hirup normal kos batur mah, beurang teh beraktivitas, digawe amprok jeung loba awewe, numpak angkot pagigir-gigir jeung awewe, jalan-jalan oge loba awewe di sisi jalan, sigana leuwih tereh meunang jodo mun kitu mah.

Kadua, uing mah hirup teh asa teu umum, terbelakang, katro, jeung belegug. Ari batur mah palinter ngamanfaatkeun sosial media, neangan awewe di pesbuk, di bbm, atawa di tinder. Malahan boga akun sosmed oge loba, babaturanna awewe doang. Barisaan basa-basi, palinter ngalebay, teleponan ayang-ayangan, daraek kopdar ketemuan jeung awewe. Jaman ayeuna mah geus teu aneh meunang jodo di dunia maya, malahan loba nu meunang awewe nu gawe di arab, rela nungguan 2 taun nepi awewena balik, terus kawin modal duit ti arab.

Katilu, mun uing aplod foto di sosial media jarang pisan aplod foto selfie, paling oge foto-foto pemandangan alam atawa screenshot hape. Ari batur mah pan instagramna teh lolobana foto selfie, meuni pakasep-kasep, masang tampang keren atawa unyu-unyu. Fotona diedit heula, jauh pisan jeung aslina. Lokasi fotona ge nu instagramable, biasana di kafe, di lapang futsal, atawa di gim ameh katempo maskulin.

Kaopat, tara mandi, kumaha awewe daek deukeut jeung jelema nu bau awak, da tara mandi, sapopoe kucel kawas gelandangan. Hudang sare langsung ngopi, tara sibeungeut heula, komo gosok gigi.

Kalima, gaya pakean, uing mah teu betah pisan gagayaan make baju alus, make calana panjang, komo make sapatu. Jauh leuwih keren tukang cuanki dibanding uing mah.

Kagenep, uing mah hirup di keluarga nu acak-acakan, boro-boro mikir neangan awewe, masalah keluarga oge teu beres-beres. Nanggung tanggungjawab jadi anak cikal teh karasa beurat, nu akhirna mah teu bisa ngalakukeun nanaon keur keluarga oge, da beurat teuing.

Katujuh, ekonomi intina mah, mun uing sukses, boga perusahaan, boga penghasilan gede, bisa meuli perumahan jeung mobil, boga asuransi, boga rekening nu saldona moal beak tujuh turunan, otomatis  awewe oge bakal ngudag-ngudag ngajak ka KUA. Awewe mana sih nu teu daek ka lalaki nu boga masa depan cerah? Mun uing mah pan poek wae.

Sakitu weh alesan mah. Asal ulah dianggap homosapiens, homo electrus, homo wajakensis, jeung sajabana. Asli jomblo ti orok uing mah.

Komentar