Carita ti Sisi Kota

Sakapeung hirup teh hayang cicing di leuweung, jauh ti kota, jauh jeung teknologi. Sigana adem ayem mun hirup bareng jeung alam, pepelakan palawija, ngingu hayam jeung mbe. Bakalan awet ngora, moal loba huis.
Katingalina karunya pisan jelema nu hirup di kota, sapopoe dipencet ku gaya hirup, ngudag-ngudag dunya keur neangan isi peujit, komo nu ngudag-ngudag kamewahan mah, meuni ngahalalkeun sagala cara keur neangan harta.

Jelema nu gawe di pabrik, meuni kos robot digawena. Balik gawe cape, langsung sare, hudang sare buru-buru mangkat gawe, da bisi telat. Geus poho weh ka kaluargana.

Nu digawe di pasar meuni ciweuh nyiapkeun daganganna, sakapeung pura-pura someah ka pelanggan da ameh laku daganganna, padahal hatena mah kesel da nu rek meuli teh rarujit tuwar-tawarna.

Nu jadi supir angkot ge sarua ripuh, ti subuh nepi ka peuting bulak balik mawa angkot neangan penumpang, pegel suku pegel bujur neangan receh keur ngudag setoran kanu boga angkot. Komo leuwih watir mun kena rajia ku pulisi atawa kacilakaan angkotna nyenggol gorobag tukang baso, katempuhan weh.

Tukang ojeg sarua wae. Mun panas, kapanasan. Mun hujan, kahujanan. Gugupay ka unggal jelema nu karak turun ti beus atawa angkot, ngarep-ngarep menta diojegkeun. Leuwih apes mun nu numpakna teh begal, ditodong di totoang atawa dirogahala nepi ka maot di sisi jalan, motor jeung dompetna dirampas ku begal goblog.

Aya deui nu digawe di konter servis hape, unggal poe ulukutek jeung hape. Beres nu ieu, datang deui nu itu, da rarusak wae hape teh, moal aya benerna. Tambah jangar sirah mun ngagarap hape nu rusakna kabina-bina, geus digulang-gaper oge angger rusak, da takdirna kudu geus rusak. Leuwih pisebeleun mun aya hape rusak datangna hurung keneh, pas digawean kalah paeh hape teh, tungtungna mah ngagantian saharga hapena, da nu bogana ambek-ambekan wae nungtut menta digantian. Pan sue !

Tah kitu hirup mah mun cicing di kota teh, loba picaritaeun teu ngeunahna. Moal aya tengtremna hirup di kota mah, ripuh jeung ripuh terus. Da hirup di kota mah euweuh deui piliheun, kudu daek itu ieu sanajan kanyataanna peurih. Mun sare wae, lapar, moal aya nu mere kopi kopi acan. Mun gawe wae, rieut, kuat nonggeng-nonggeng ngorehan duit.
Matakan hirup mah meuning di leuweung, cicing jeung maung, jeung monyet, jeung mbe, jeung sajabana. Kadaharan ge tutumbuhan, dangdaunan, jeung beubeuleuman, moal aya kolesterol jahat.

Sakitu weh heula, pandangan ti uing nu kapaksa hirup di sisi kota, mudah-mudahan urang sarerea bisa geura-geura hijrah ka tengah leuweung.

Komentar