Sagala Instan

Jaman ayeuna, jelema geus sagala hayang instan, hayang nu tereh, hayang nu langsung, hayang nu GPL, sagalarupa lah. Prosesna mah geus teu dipentingkeun, pokona mun manehna hayang taeun kudu adakadabra langsung jadi taeun saharita keneh.
Beda jeung jaman bareto keur can rame teknologi, nanaon ge kudu make proses, malah prosesna ge panjang jeung lila. Mun hayang beunghar kudu daek nabung, atawa usaha ngabanting tulang, komo aya nu nepikeun muja ka setan bari jeung syaratna ngorbankeun nyawa. Aya deui nu hayang boga elmu kasaktian, prosesna lila pisan, kudu tapa brata mangpuluh-puluh taun di jero guha, digoda ku oray, ku awewe geulis, jeung sajabana. Tapi kudu kuat nahan eta godaan, da hayang sakti tea.
Balik deui ka jaman ayeuna, jaman teknologi dimana-mana. Sagalana hayang tereh, dimimitian ku SMS, ngirim pesan ngan itungan detik atawa menit, eta ge mun operatorna keur teu sibuk, da mun sibuk mah angger weh SMS teh pending. Teu puas nepi kadinya, beuki ka dieu teknologi beuki canggih wae, dijieunkeun aplikasi Instant Messaging, leuwih cepet tibatan SMS, ieu mah harita ngetik ge langsung nepi pesan teh, geus jarang aya nu pending kecuali kuota internetna beak.
Tah, ti saprak aya Instan Messaging eta kahirupan teh asa beuki teu ngeunah wae karasana, eutik-eutik bijil notifikasi dinu hape, kumaha rek tibra sare ari diganggu kunu kitu wae mah. Tapi anehna, eta aplikasi teh jadi kabutuhan hirup, tiap-tiap jelema nu boga hape pasti ngainstall aplikasi BBM, Whatsapp, Telegram, FB Messenger, Line, WeChat, IMO, jeung sajabana. Minimal ngainsall salah sahiji aplikasi eta, malahan jadi kawajiban, da mun teu make teh majarkeun bakal katinggaleun info, hese komunikasi jeung babaturan atawa keluarga, hese neangan duit ongkoh. Leuwih piragabeun deui mun geus asup grup chat, leuwih sering bijil eta notifikasi teu penting teh, wayah kumaha oge eta dijero grup chat aya wae nu ngirim pesan, teuing pesan kasaha, da angger ka uing oge nepi.
Aya pangalaman uing nu pikasebeuleun, sering pisan kajadian di grup chat. Kieu, mun uing keur ngeunah-ngeunah chatting jeung hiji babaturan, ujug-ujug si babaturan eta teh ngirim pesan ka grup chat nu aya uing oge, di hape uing pan bijil tah notifikasina ti aran si eta, terus ku uing dibalesan langsung di status bar (pan android versi anyar mah ngabales pesan ge teu kudu muka aplikasina, cukup narik status bar geus aya kotak keur nulis pesan, bisa langsung dikirim), ari pamikir uing mah eta teh pesan keur ka uing pribadi, da tadina ge keur ngobrol duaan, ari ditelek-telek teh geuning di grup, jaba teu bisa ditarik deui atawa dihapus eta pesan teh. Pan wirang ka uingna, komo mun aya nu kasinggung ku pesan uing di grup eta, bakal jadi pipaseaeun, minimal tanda tanya ka uing.
Tah, ti saprak kajadian model kitu, uing jadi kapok miluan grup chat di instan messaging. Cukup weh sososialan mah di instagram atawa pesbuk, mun hayang informasi aptudet nya di twitter, najan salah posting oge bisa langsung dihapus. Tapi uing ge moal sapenuhna ninggalkeun aplikasi chat. Make mah make keneh, tapi moal miluan grup deui, ngan keur komunikasi jeung nu akrab weh, nu minim tinu tanda tanya, nu geus apal uing kumaha ayana.
Sakitu carita ti uing, hampura bisi aya salah pesan, salah kirim, jeung salah kamar chat. Maklum uing mah sok loba poho, loba salah mikir, loba salah mencet. Sakali deui hampura. Wassalam.

Komentar